Angkat ngagandeuang
 Bangun taya karingrang
 Nganggo sinjang dilamban
 Mojang priangan ...
 
 Umat-imut lucu
 Sura-seuri nyari
 Larak-lirik keupat
 Mojang Priangan ...
 
 Diraksukan kabaya
 Nambihan cahayana
 Dangdosan sederhana
 Mojang priangan ... 2X
 
 Mojang anu donto
 Matak sono nu nempo
 Mun tepung sono ka
 Mojang Priangan ...
 
 ...
 
 Gareulis maranis
 Disinjang lalenjang
 Estu sono mun leumpang
 Mojang Priangan ...
 
 Digigirna ge lenggik
 Dihareupna ge sieup
 Ditukangna lenjang
 Mojang Priangan ...
 
 Diraksukan kabaya
 Nambihan cahayana
 Dangdosan sederhana
 Mojang priangan ... 2X
 
 Mojang anu donto
 Matak sono nu nempo
 Mun tepung sono ka
 Mojang Priangan ...
 
 * Ada banyak versi syair, yang berikut salah satunya 
 
 
   
 
 [ Lirik Lagu Mojang Priangan - lagu kawasan Jawa Barat / Sunda, ada di  ] 
Wednesday, May 16, 2018
Mojang Priangan
Cozy Corner is a collection of several blogs including Cozy Corner Health, Cozy Corner Tech, Cozy Corner Song, Cozy Corner Lyric, etc.






0 comments:
Post a Comment